- Sato naon anu pang leutikna saalam dunya? {Cacing cacingan)
- Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)
- Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
- Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
- Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
- Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
- Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
- Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
- Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
- kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
- Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
- Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
- Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
- Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
- Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
- Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
- Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
- Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
- Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
- Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
- Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
NAON DEI DA LOBA KNEH?🤣🤔🤔🤔